::: Koleksi-Sharing.Blogspot.com :::
Koleksi 'sharing' yang beredar di media sosial (WA, BBM, dll).
Dikumpulkan di sini agar kita sewaktu-waktu bisa mencarinya kembali.

Daripada disimpan di HP, kirim koleksi anda ke sini.
Caranya lihat di menu "Cara Mengirim".

Umur di siksik ku detik

Umur di siksik ku detik..
Di ciwit ku menit..
Di cacag ku jam..
Di purutulan ku bulan..
Di bubuy ku tahun..

Muterna waktu ti minggu ka minggu..
mapay2 bulan naekkan tahun.

Teu karasa loba dosa nu di pilampah..
Loba ibadah nu can merenah..
Loba larangan pangeran nu karandapan..
Loba waktu nu kapiceun..
Loba kasibukan nu matak mapalerkeun..
Loba pikiran nu matak mopohokeun.

Timana nya urang kawit jeung kamana nya urang rek balik.
Umur syareatna nambahan tapi hakekat ngurangan..
Beuki kadieu urang teh beuki deukeut jeung lawang panto maot.

Siapkeun diri ku iman jeung taqwa..
Siapkeun bekelna ku amal sholeh..

Siapkeun hate nu bersih ku loba istigfar.. ka Dzat nu Maha Heman
Tobat ka Allah nu geus mere nikmat,
sangkan salamet dunya akherat.


Wilujeng mapag Sasih Saum mugia urang sadaya diparin kakiatan, kasehatan tur di wuwuh ku rijkina anu Berkah, Amiin

×
Judul