Sakedap deui urang bd ngalakonan Puasa peryogi d
perhatoskeun saurna aya Tujuh Hal anu
matak ngabatalkeun kana Puasa:
1. DIUK
Diuk di warung Padang tuluy mesen rendang,éta nu matak
ngabatalkeun kana puasa,tapi lamun diukna ngan ukur ngobrol tuluy pesen téh
manis éta gé sarua batal puasana
2. LUMPAT
Lumpat tarik pisan ngajugjug Warteg tuluy pesen téh botol
éta matak ngabatalkeun puasa,komo bari tuluy pesen mie rebus mah.
3. NGALUNGKEUN DUIT KENCRING
Ngalungkeun duit kencring bisa ngabatalkeun puasa lamun pas
dialungkeun ditéwak ku tukang céndol, tuluy ditukeuran ku és céndol sagelas.
4. SURA SEURI
Sura-seuri gé matak ngabatalkeun puasa lamun sura-seurina
sanggeus nginum Coca cola,tuluy ngaleguk Sprite atawa Fanta.
5. NGALAMUN
Ngalamun bisa ngabatalkeun puasa lamun ngalamuna dibarengan
ku ngebul haseup rokok tina baham.
6. MAEN FACEBOOK atawa BBM
Maen Facebook atawa BBM an ogé matak ngabatalkeun puasa
lamun gigireun aya cikopi jeung goréng pisang haneut kénéh ditambah sabungkus
Rokok,tuluy diopi.
7. HITUT
Hitut sanggeus ngadahar kulub hui bisa dikatagorikeun
ngabatalkeun puasa,hitutna waé bisa ngabatalkeun Wudlu komo ngadahar kulub hui
pasti batal puasana
Sign up here with your email
Conversion Conversion Emoticon Emoticon